Gallery Arnita .......

Blog EntrySapuluh poe di Lembur baturDec 11, '07 7:32 AM
for everyone
Teu di sangka ti samemehna bakal ngajaran muka usaha di lembur batur anu jauhna nya lumayan oge ti tasik mah.
Nya ngan ari keur tukang usaha mah kumaha carana neangan pi batieun mah,bakal di jugjug arek nepi ka tungtung dunya oge.
Ngan eta nu ngarana adaptasi teh hese pisan komo pas ari peuting rek mondok wah...sagala kapikiran.Komo jauh ti budak jauh ti salaki pokona jauh ti kahirupan sapopoe anu sabiasa di lakukaeun di imah di tasik.
Nepikeun arek mondok ge teu bisa di kamar kulantaran loba kasieun.Nya sieun na mah eta sieun di baturan ku anu teu pararuguh.Atuh kapaksa ngungsi sare di dapur ngarah gampang mun aya nanaon tengah peuting.Da geus puguh ngan sorangan di imah eta teh.Arek menta di baturan da geus puguh teu wawuh jeung sasaha,tatangga oge nu gigireun urang Singapur anu ngomongna oge teu ngarti da make bahasa cina mereunan.Kutan kieu rasana ari jauh di lembur batur teu wawuh jeung sasaha.


36 Comments
sardjana wrote on Dec 11, '07
Tos timana ieu teh?
niecoll wrote on Dec 11, '07
Kamari nembe uih ti batam kang
dago74 wrote on Dec 11, '07
niecoll said
Kamari nembe uih ti batam kang
ari teteh ameung teh mani jauh jauh pisan
cepdedentoni wrote on Dec 11, '07
lain ngajak abdi teteh mah atuh hihi.......
niecoll wrote on Dec 11, '07
dago74 said
ari teteh ameung teh mani jauh jauh pisan
Sanes ameng kang nyiar pi batieun eta mah,di ajar buka cabang di ditu heheheh
puguh tadi na mah bade naroskeun rai kang uki nu di batam,mung mendadak tea janten teu persiapan
niecoll wrote on Dec 11, '07
lain ngajak abdi teteh mah atuh hihi.......
Nya hanjakal teu ngajak kang Deden nya ngarah aya batur,ih keueung pisan di Duta mas tuda banyakan orang singapur,komo mun wengi sok culang cileung
cepdedentoni wrote on Dec 11, '07
niecoll said
Nya hanjakal teu ngajak kang Deden nya ngarah aya batur,ih keueung pisan di Duta mas tuda banyakan orang singapur,komo mun wengi sok culang cileung
euh naha atuh?..lamun ngajak mah da' ku abdi dibaturan pastina oge ku Du'a....hihi...
da' ngiring jeung jirimna mah kedah kuli 10 deinten mah atuh hehe....
dago74 wrote on Dec 11, '07
niecoll said
Sanes ameng kang nyiar pi batieun eta mah,di ajar buka cabang di ditu heheheh
puguh tadi na mah bade naroskeun rai kang uki nu di batam,mung mendadak tea janten teu persiapan
muhun nya hilap eta oge anjeuna ayeuna, tos ngalih deui ka bandung.............da carogena bade pindah tugas kaluar.
niecoll wrote on Dec 11, '07
euh naha atuh?..lamun ngajak mah da' ku abdi dibaturan pastina oge ku Du'a....hihi...
da' ngiring jeung jirimna mah kedah kuli 10 deinten mah atuh hehe....
Ih...atuh jirimna teu ngiring mah tambih sieun atuh akang eta oge matak mondok di dapur bakat ku sieun di kamar.
cepdedentoni wrote on Dec 11, '07
niecoll said
Ih...atuh jirimna teu ngiring mah tambih sieun atuh akang eta oge matak mondok di dapur bakat ku sieun di kamar.
padahal mah sueuer urang KUSnet anu diditu teh atuh....engke deui mah tiasa di kontak teh sugan....
niecoll wrote on Dec 11, '07
dago74 said
muhun nya hilap eta oge anjeuna ayeuna, tos ngalih deui ka bandung.............da carogena bade pindah tugas kaluar.
Aeh kutan tos di bandung deui nya...
Padahal mah betah oge di Batam ,ngan ari menjelang wengi sok cuang cieung da nyalira di bumina.
niecoll wrote on Dec 11, '07
Muhun eta oge kantos ka warnet aeh geuningan urang Bogor anu ngantos na oge.Manya teu puguh2 di ajak nginep ngabaturan mah matak bahaya atuh heheheheh.Muhun taun payun ka Batam deui tah awal januari mudah2 mah tos rame aya batur
sardjana wrote on Dec 11, '07
niecoll said
Ih...atuh jirimna teu ngiring mah tambih sieun atuh akang eta oge matak mondok di dapur bakat ku sieun di kamar.
Ari kitu mah....candak wae kamarna ka dapur...... :-))

Sugan ari di dapur, anu ngajirim teh teu kenal ka teteh kitu??
niecoll wrote on Dec 11, '07
Ari kitu mah....candak wae kamarna ka dapur...... :-))

Sugan ari di dapur, anu ngajirim teh teu kenal ka teteh kitu??
Nyaan kang waktos abdi di kamar kantos sawengi sanes kunanaon eta kukupingan sareng titingalian asa ting jorelat heheheh.
cepdedentoni wrote on Dec 11, '07
Ari kitu mah....candak wae kamarna ka dapur...... :-))

Sugan ari di dapur, anu ngajirim teh teu kenal ka teteh kitu??
lain, samarukna teh tini mah nu 'kitu' teu resepeun meureun di dapur teh hihi........
niecoll wrote on Dec 11, '07
hahahahaha...di dapur apan aya panto kaluar anu pang gampilna,mun aya nanaon bisa lumpat kaluar ke we mondok di luar kemping gitu lo
cepdedentoni wrote on Dec 11, '07
niecoll said
hahahahaha...di dapur apan aya panto kaluar anu pang gampilna,mun aya nanaon bisa lumpat kaluar ke we mondok di luar kemping gitu lo
kumaha lamun pas muka panto dapur, keur ngajega ngajagaan panto??!! haggg siah...!!hihi....
niecoll wrote on Dec 11, '07
ah...moal ari ku jurig mah teu sieun ,sieuna mah eta jauh ti budak
cepdedentoni wrote on Dec 11, '07
Owh......jadi lamun aya nanaon dilembur langsung ngapung liwat jalan dapur meureun nya?! hihi.....
niecoll wrote on Dec 11, '07
Nya sieun teh apan inget ka budak inget ka bapana kitu...
sok lah kang deden sok karaos tara ari inget ka nu di lembur hayo
cepdedentoni wrote on Dec 11, '07
niecoll said
Nya sieun teh apan inget ka budak inget ka bapana kitu...
sok lah kang deden sok karaos tara ari inget ka nu di lembur hayo
ya ari inget mah abdi mah langsung we di telpon.....dipastikeun kaayaanana...he..he...
niecoll wrote on Dec 11, '07
Aeh...tos bosen nelepon wae mah kalah ka jahat pulsa heheheheh
cepdedentoni wrote on Dec 11, '07
niecoll said
Aeh...tos bosen nelepon wae mah kalah ka jahat pulsa heheheheh
conference cam to cam atuh hihi....
salakadomas wrote on Dec 11, '07
Alhamdulillah, dulur uwing jembar... bisa buka usaha di batam... sukses teh....

sok, didoakeun... berkah salamet, gampil rizki, lungsur langsar....amin.
niecoll wrote on Dec 11, '07
Alhamdulillah, dulur uwing jembar... bisa buka usaha di batam... sukses teh....

sok, didoakeun... berkah salamet, gampil rizki, lungsur langsar....amin.
Amin kang do'a keun sing sukses nya da di Batam geuning ngawitan ti nol pisan kedah ngider kaditu kadieu.Nya promosi anu utami na mah.
momyikel wrote on Dec 11, '07
Aduh...karunya teuing...
momyikel wrote on Dec 11, '07
ka warnet bakat gateul........aduh sonona,eta bantal guling...
momyikel wrote on Dec 11, '07
Eh............muhun atuh pinter usahana sagala kersa kataji pisanlah..sapuk teh..abdimah ngadoakeun pisan.
niecoll wrote on Dec 11, '07
Puguh...terang teteh kamari di Batam milari warnet oge tebih pisan,pami caket mah jigana nagen we di warnet.
Teh...ngampar we dina karpet mung dibaturan ku bantal we sareng guling hehehhe
momyikel wrote on Dec 11, '07
Nya da terang DC deui dc deui...aduh kedah namah guleng anu kucap kiceup di candak...hehe
niecoll wrote on Dec 11, '07
Puguh milarian nu kucap kicep teu aya di Batam mah duka nyumputna di tasik hehehe,
momyikel wrote on Dec 11, '07
niecoll said
Puguh milarian nu kucap kicep teu aya di Batam mah duka nyumputna di tasik hehehe,
Di tasik ngadepong..nyepengan bedil hehehee
niecoll wrote on Dec 11, '07
hahahahaha...muhun ari bedil mah tara tinggaleun kamana-mana oge di sorendang di elus2 nya ari bojo kamana karep ge di antep hehehhehehe.
sindangreret wrote on Dec 11, '07
Hebat si Teteh...meni sumanget pisan usahana salutlah abdi mah..."ngacungkeun jempol"
niecoll wrote on Dec 11, '07
Aduh teh atuda bakat ieu mah bakat ku butuh heheheh,sareng nya pami teu kieu abdi moal maju2 tinggaleun wae kareta.Sugan ke mah aya milik tiasa ka Sendai teh
idjah wrote on Jan 12
Teh...meuni rajin si Teteh mah nya...
Add a Comment
   
© 2008 Multiply, Inc.    About · Blog · Terms · Privacy · Corp Info · Contact Us · Help